Kamis, 10 Juni 2010

UGA WANGSIT SILIWANGI

Saur prabu siliwangi ka balad na anu milu mundur dina sateuacan ngahiang : Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu pisan, najan dia kabehna ka ngaing satia. Tapi ngaing heunteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin jadi lapar. Dia kudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engkena jagana jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui padjadjaran. Lain pajajaran anu kiwari, tapi pajajaran anu anyar, anu ngadeg na di geuingkeun ku obahna jaman. Pilih!!.. ngaing moal ngahalang, sebab pikeun ngaing, heunteu pantes jadi raja, mun somah kabehna, lapar bae jeung balangsak.

Darengekeun…! !Nu deuk tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul .Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggal keun, geura misah ka Beulah kaler.Anu deuk kumawula kanu keur jaya, geura misah ka beulah wetan. Anu moal milu ka saha- saha, geura misah ka Beulah kulon.

Darengekeun…! !!Dia nu milih beulah wetan, ngaing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia. Nya turunan dia anu bakalna marentah kadulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkena bakal aya babalesna. Jig geura narindak.Dia Nu beulah kulon, papay ku dia lacak KI SANTANG. Sebab engkena, turunan dia jadi ngageuingkeun ka dulur jeung ka batur, ka batur urut salembur, kadulur anu nyorang sauuyunan, ka sakabeh anu rancage di hatena.Engkena jaga mun teungah peuting digunung halimun kadenge sora tutunggulan, tah eta tandana saturunan dia di sambat kunu deuk kimpoi di lebak cawene. Ulah sina talangke. Sebab talaga bakal Beulah. Jig geura narindak. Tapi ulah ngalieuk katukang.

Dia nu misahkeun beula kaler, darengekeun : dayeuh ku dia moal ka sampak. Nukasampak ngan ukur tegal baladeuhan. Turunan dia lolobana bakal jadi somah. Mun aya jadi pangkat, bakal luhur pangkat na, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engke jaga, bakal kaseundeuhan batur. Loba batur tinu anggang, tapi batur nu sarusah jeung batur anu nyusahkeun. Sing waspada.Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal di langlang. Tapi ngan di waktu anu parelu. Ngaing bakal datang deui, nullungan anu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hade lakulampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu. Mun ngaing nyarita moal kadenge.Memang ngaing bakal datang. Tapi kanu geus rancage hatena, kanu weruh di semu saestu. Mun ngaing datang, teu ngarupa teu nyawara, tapi mere ciri ku wawangi.

Timimiti poe ieu, pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jiba tingaran pikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari bakal rea nu mungkir.Tapi engke jaga bakal aya nunyoba2, supaya anu leungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapay kudu make amparan, tapi anu mapay na loba arieu aing pangpinterna. mudu aredan heula.Engke bakal rea nu panggih, sabagian sabagian. Sabab kaburu di larang kunu di sebut RAJA PANYELANG. Aya nu wani ngorehan terus, teu ngahiding ka panglarang ngorehan bari ngalwan bari seuri. Nya budak angon, imah na di birit leuwi pantone batu satangtung, kahieuman ku handeuleum karimbunan ku hanjuang.Ari ngangona? Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi kalakay jeung tutunggul.Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian di sumputkeun, sebab encan wayah ngalakonkeun. Mangke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung rarea menta di lalakonkeun. tapi mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang undur jaman datang jaman saban jaman mawa lalakon.Liliana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah eujeung nitis, laju nitis di pinda sukma.

Darengekeun !Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka mangsa : "tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol." Tah didinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk d alun-alun.Ti harita, raja-raja dibelenggu.Kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna heunteu karasa sabab murah jaman jeung seubeuh hakan.Ti dinya, wuluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir. Tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi.Ti nu laleungit, tambah loba nu kapanggih, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala. !Turunan urang loba anu heunteu engeuh, yen jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan ; tapi jalan nu kasingsal. Nu tutunjuk nyumput jauh ; alun - alun jadi suwung, kebo bule kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet !Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri heunteu anggeus, sabab kaburu : warung beak ku monyet, leuit beak ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah beak ku monyet, huma di acak-acak ku monyet, cawene rareuneuh ku monyet. Sagala-gala diranjah ku monyet.Turunan urang sieun ku nu niru - niru monyet."Panarat" dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan.

Ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresek caturangga.Heunteu arengeuh, yen jaman geus ganti deui lalakon.Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kaler ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Genjlong saamparan jagat !Ari di urang ?Rame ku nu mangpring. Prang - pring sabulu – bulu gading. Monyet ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang ; ngamukna teu jeung aturan.Loba nu paraeh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur ; puguh batur, disebut musuh.Ngadak- ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu edan. Nu bingung tambah baringung ; barudak satepak jaradi Bapa. Nu ngaramuk tambah rosa ; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas di buburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang, sabab nu ngaramuk, heunteu beda tina tawon, dipalengpeng keuna sayangna.Sanusa dijieun jagal.Tapi, kaburu aya nu nyapih ; nu nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hese apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala.
Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!

Jayana buta - buta heunteu pati lila; tapi, bongan kacida teuing nyangsara ka somah, loba somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana ? Engke mun geus tembong budak angon ! Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti jero dapur, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara !Nu barodo jaradi gelo marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut ? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek hayang loba; nu boga hak marenta bagianana.Ngan anu areling caricing. Ariyana mah ngalalajoan. Tapi kaborerang. Nu garelut laju rareureuh. Laju kakara arengeuh kabeh ge taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabeh beak, beakna ku nu nyarekel gadean. Buta - buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju nareangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateupan ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Nareangan budak tumbal, tapi sejana dek marenta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, enggeus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawene. Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.

Darengekeun !!Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun gunung Gede anggeus bitu di susul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat.Urang Sunda disasambat, urang Sunda ngahampura. Hade deui sakabehanana. Banguna ngahiji deui.Mangsa jaya, jaya deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu Adil sajati.Tapi Ratu saha ? Ti mana asalna eta Ratu ?Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta budak angon !Jig, geura narindak ! Tapi, ulah ngalieuk katukang !

BEGITULAH KIRA2KIRA Ssituasi ketika prabu siliwwangi ketika hendak ngahiang
mudah2mudahan kita bisa mengambil pelajaran dari itu semua
dan uga wangsit siliwangi ni menurut saya sangat dalam filsafatnya

2 komentar:

Unknown mengatakan...

Ini adalah bukti bahwa leluhur kita sangat berkpribadian dan berbudaya tinggi

adhitya prihadiatna mengatakan...

IYAH KANG SAY SALUT KALAU DI ARTIKAN SEH ITU SEBENARNYA RAMALAN TENTANG NUSANTARA LHO